LIRIK 17 PUPUH SUNDA
17 Pupuh Sunda 17 Pupuh Sunda Pupuh Sunda Kumpulan 17 Pupuh Sunda. 1. Pupuh Asmarandana Laras: Salendro Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. 1 Pada : 7 padalisan. Eling eling mangka eling ( 8 – i ) rumingkang di bumi alam ( 8 – a ) darma wawayangan bae ( 8 – e ) raga taya pangawasa ( 8 – a ) lamun kasasar lampah ( 7 – a ) nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u ) badan anu katempuhan ( 8 – a ) Panambih: Eling-eling masing eling Di dunya urang ngumbara Laku lampah nu utama Asih ka papada jalma Ucap tekad reujeung lampah Tingkah polah sing merenah Runtut rukun sauyunan Hirup jucung panggih jeung kamulyaan ——————- Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan Titimangsa: 26 Agustus 2004 Sumber: [geocities.@] [www.angeltowns3.@] 2. Pupuh Balakbak Watek: pikaseurieun. 1 pada : 3 padalisan. Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng (15-e) Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e) Lalakina lalakina los ka pipir nyoo mony...
Komentar
Posting Komentar