CONTOH SAJAK SUNDA

Sajak Grandprix 
                                Yasana : Godi Suwarna 
Nincak gas satakerkebek 
Mobil sport ngagerung mamprung 
 Rék ngudag jorélat waktu, da startna kapandeurian
 Ah tangtu kasusud tapakna, ceuk haté anjeun harita 
Jalan lempeng , Jalan nanjak, pungkal péngkol, kénca katuhueun jungkrang 
 Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang taun liliwatan 
Tisaban saban simpangan mobil deunguen milu nyemprung di sirkuit 
 Disaban saban simpangan pada pada teu hayang kapandeurian “I can get now satisvation” sora kasét gumuruh nyasaat langit ngendag-ngendag 
 Manglaksa mobil haseup kenalpot ngebut jagat 
 Anjeun kudu nambrak dengeun tinimbang ditabrak batur 
Nyakakak nu jumerit hayang ngudag waktu 
Nu can témbong kelemengna 
Boa sapéngkolan deui 
Boa di itu péngkolan ceuk nu sejen bari hantem terus silih sénggol 
Dina hiji mangsa anjog anjeun jeung nu séjén méh bareng asup finis 
Persisi di jero kuburan tuluy nyampak piala tetengger batu


Sajak ti Jalan ka Mana

Yasana : Godi Suwarna


Ngémploh pucuk-pucuk entéh
Mulas léngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang
Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah Luak-léok ngitung tikungan
Kalah kérok balas nyawang pulas haté jeung langitna
Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
Padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
Samar-samar nyidem hujan jeung guludugBeuki jauh nyusud waktu
Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
Atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun




Komentar

Postingan populer dari blog ini

LIRIK 17 PUPUH SUNDA